Jejaring Situs: Blog Pribadi | Silsilah Keluarga | Gerentes | Sukapura | Almamater |

Selamat datang!

Untuk melindungi privasi, seluruh data anggota keluarga yang lahir setelah 8/9/1940 tertutup untuk umum; hanya anggota yang telah terdaftar yang dapat meilhat detailnya. Jika Anda merasa seseorang di sini cocok dengan keluarga Anda, mohon kabari saya.

Bubuka

Ku tilar dunyana pun aki, Aki Natawijaya, dina ping 20 September 1982, kanggo seke-seler Uyut Enob mah mangrupi kajantenan nu teu kinten pentingna, margi anjeunna teh putra Uyut nu bungsu, tur pupusna ge pang pengkerna di antawis saderek-saderekna.

Taun 1982 seuweu-siwi Uyut Enob kailangan tetengger nu pang caketna, anu pang uningana kana runtuyan urang. Bilih ku hal ieu teh matak ngajantenkeun pareumna obor kawargian, teu aya lepatna upami urang nyukcruk galur karuhun, mapay-mapay baraya anu dipambrih manawi janten cukang lantaran tiasa saeutik-eutikeun nebihan kana kasebat sapertos di luhur. Upami tea mah kajantenan kitu, pareumeun obor, ka manakeun wibawa sareng komara runduyan urang? Deudeuh teuing pupuhunan, anu nyareatan gumelarna urang ka alam dunya.

Moal kasebat kana paripaos agul ku payung butut, sanaos ieu pedaran ngawungkulkeun soal turunan. Margi ieu mah sanes bade medar sae-awonna turunan, nanging seja nyukcruk karuhun mapay baraya teh kalebet kana hal nu sae pisan mungguh umat beragama mah, utamina umat agama Islam. Upami dikorehan mah mangpaat babarayaan teh teu kinten seueurna. Ku kituna mugi-mugi ieu pedaran teh sasieureun-sabeunyeureun tiasa ngageuing urang sadaya, ulah kajongjonan katungkulkeun ku urusan masing-masing anu sipatna individu.

Piraku teu reueus, geuning seueur seuweu-siwi Uyut Enob teh. Matak reugreug. Geura mangga urang tetek ti pupuhuna mula. Malah mandar mangpaat keur sadayana.

Anu kapendak raratanana teh mung ti semet Uyut Enob ka dieu bae, atuh dina hal ieu pedaran, urang anggap bae Uyut Enob teh nu medarkeun turunan ka-1. Salajengna kangge ngabentenkeun istri sareng pameget, ditawisan ku aksara "N" di payuneun jenengan istri (dina versi online, istri sareng pameget katawis ku gambar jalmi di payuneun namina —red).

Panutup, pihatur hapunten anu kasuhun kana kaireungan sareng katalingeuhan panyusun, tinangtos seueur kalepatan anu teu loyong sareng buktosna, boh jenengan atanapi taun medal, pupus, sareng sajabina.

Teu kinten diantos kritikan sareng panggeuing ti sadayana kanggo nyampurnakeun ieu silsilah.

Wassalam Wr. Wb.

Kiarajangkung, Mei 1986

Nu nyusun,
Sudaryat



Dikutip dari buku Catetan - Silsilah, Seuweu-Siwi Uyut Enob/Uyut Emat — 1986

Baca juga: